KAMAYANGAN



Lembur nu nyingkur diriung ku gunung.
Desa nu waas taya cacadna.
Caina nu herang mentasan sawah.
Hejona tutuwuhan nu masih asri.

Hayu urang raraksa.
Hayu urang jaraga
Ngarah hirup urang jauh tina musibah.
Ngarah hirup urang angger merenah.


Kamayangan teh nyaeta ngaran hiji lembur anu aya di wewengkon Desa Kutanagara, Kacamatan Malangbong, Kabupaten Garut.

Di dieu loba pisan tutuwuhan anu masih leneh ngmplok hejo. Loba keneh tatangkalan nu masih ngamplang waas. Masih loba keneh jalma anu daek miara jeung ngariksa alamna. Mudah-mudaha we sing saterusna. Ngarah alam teh mere kanugrahaan ka urang, lain mere wawala jang manusa.

Masih seueur Masjid, tajug, madrasah jeung pasantren anu masih pinuh ku pangeusina. Masih loba keneh jalma-jalma nu getol indit sholat jeung pangajian. Sugan we atuh ari arurang hirupna bener mah urang teh ditangtayungan terus ku Nu Maha Kawasa. Amin.

Sakitu heula ti sim kuring, mangga bilih bade ngiring cocoretan dina ieu blog. Teu kedah asa-asa nya.